Kamis, 29 Maret 2018

pepeling Abah Anom

Pepeling Abah Anom Surya Laya


perang uhud geuning teu sabaraha goncangna
perang Badar nu kacarita, 
Eta lain perang nu saenyana
perang nu ngancik sajeroning ati
ngalawan nafsu menerkeun diri
Eta perang nu sajati

anu teu aya wates waktosna
 salian panggilan Allah nu Maha suci
sangharepan ku sabar, ikhlas jeun tawakal
hirup tumarima kana kanyataan
samangsa urang lumampah jeng lumaku
Anu di tuju

sumerah bari ngalengkah
sumujud ku cara dina tahajud
di jejer ku ageman
omat ulah pegat pangharepan.

prak indit tungtung kaler,kidul,kulon jeng wetan
carita pangeran anu sahiji
lain laut, gunung, langit, jeung emas nu di teang
tapi ridlo Alloh nu di tuju

ulah ngahina kabatur
boa nu dihina lewih hade
tinimang nu ngahina

ulah migawe ibadah di barengan
panyakit hate

ulah ambek mun di poyok

mun di hina, pek gera cicing.
mun di poyok, pek gera repeh
tembongkeun sabar
jeung antep kana panghina batur

tugas ti Alloh parentah ti Nabi
pek peraktekeun.

Omat ulah pacekcokan,
eta teh cacad dina amal,
matak rungkad amal.

jalankeun syareat, tarekat, hakekat, jeung ma'rifat

ulah balangah munker dzikir jeung ngadu'a
sabab syetan moal eureun tina ngadoja
jeung ngagoda manusa.













0 komentar:

Posting Komentar